Balĕ Politik
Wasta : Elfina Astin
SMAN 1
CISARUA
Naskah Drama Basa Sunda
JL.
Adhijaksa, desa Leuwimalang RT 02/02 Kecamatan Cisarua Kabupaen Bogor 16750
Pangenalan Tokoh
1. Asĕp : Asĕp tĕh nyaĕta lalaki anu
ngabogaan watak bijaksana (protagonis), jeung boga perhatian leuwih ka nagara.
2. Sulĕ : Ari Sulĕ mah lalaki anu ngabogaan
watak teu boga pendirian, jeung sok mimilu batur kamana waĕ ngeunahna, sok tara
percaya ka diri sorangan. (Tritagonis)
3. Mang Marwan
4. Pipit
Balĕ Politik
Dina hiji poĕ aya si Asĕp keur calik
dina balĕ dihandapan tangkal jambu disisi jalan, manĕhna tĕh keur calik bari
ngalamun. Teu lila deui datang si Sulĕ anu datang bari lulumpatan jeung bari
ngos-ngosan.
Asĕp
Horr.. kunaon atuh ari manĕh tĕh
Sulĕ? Naha meni ngos-ngosan kitu siga diudag-udang ku anjing waĕ!
Sulĕ
Kuring tĕh rĕk kaditu tuh sĕp, ari
anjeun rĕk muli moal.. tuh kaditu (bari nunjuk ka pengkolan)
Asĕp
Kaditu tĕh kamana? Da embung deui
urang mah mun nganteur anjeun ka si Pipit deui, urang siga obat nyamuk nyaho
teu didinya.. heuh.. embung deui urang mah.
Sulĕ
Ĕh sanes kadinya deui atuh Asĕp! Tuh
geura tempo, anak buahna mang Marwan rĕk dĕmo ka pamarĕntah.
Asĕp
Hah? Anjeun teu salah deui? Arĕk
ngadĕmokeun naon deui atuh maranĕh tĕh, tuman sigana unggal taun tĕh dĕmo deui
dĕmo deui, geus bosen.. ayeuna manĕh deui pipilueun, heh Sulĕ manĕh tĕh anakna
pa RT, manya teuing…. (can anggeus ngomong)
Sulĕ
Kajeun atuh Asĕp, ari anjeun rĕk
ngiluan mah heug baĕ da, hayu atuh urang geura mangkat ngadĕmokeun ĕta tah
kanaĕkan harga bĕngsin, beuuuhh.. ramĕ siah sĕp, barudak meuni pa hoak-hoak!!!
Silih timpug kaditu-kadieu, timpugan panto hĕk DPR!!!
Asĕp
Hahahaha.. rĕk naon gunana atuh, nu
kitu dipilueun manĕh tĕh, mending kĕnĕh ngiluan rapat dĕsa atuh, leuheung aya
mangpaatna, da harga bengsin ogĕ ngan naĕk Rp 1500,- meni ngarambek kabina-bina
atuh rahayat Indonĕsia tĕh, duh gusti.. hampurakeun..
Sulĕ
Hĕh manĕh ulah so’ kaya deuh Asĕp,
urang gĕ nyaho da menĕh tĕh nyarios kitu sabab manĕh teu boga motor jadi manĕh
biasa waĕ aya kanaĕkan harga bĕngsin.
Asĕp
Lainna kitu Sulĕ, kuring tĕh nyarios
kitu lain kuring geus ngarasa bĕbas jeung kanĕkan harga bĕngsin! Sabab
pamarĕntah tĕh naĕkan harga nanaonna da moal samena-mena, pasti geus
dipertimbangkeun heula, moal mungkin da sadaĕkna.
Sulĕ
Heuh pan ari jang urang gede mah moal
nanaon rĕk naĕk harga naon waĕ gĕ, da duitna gĕ menisaabreg-abreg komo deui
mentri-mentri mah, duit rahayat dipakĕ gigiber, unggal poĕ gigiber make duit
rahayat. Coba ari urang rahayat biasa?
Naĕk ngan Rp 1500,- gĕ kos nu pacekik beuheung, unggal poĕ kudu ngadahar sangu
jeung uyah.
Asĕp
Heueuh sih..
Sulĕ
Teras teras?
Asĕp
Ayeuna mah kiyeu deuh, ari barudak
silih haraok jeung silih timpug kaditu kadiyeu kana panto hĕk DPR, Ĕmang ĕta
panto tĕh dijieun makĕ duit saha?
Sulĕ
Nyaa duit rahayat atuh Asĕp..
Asĕp
Tahh.. engkĕ mun ruksak, nu rugi
kĕnĕh saha?
Sulĕ
Rahayat ogĕ sih..
Asĕp
Sulĕ.. urang mah laina sok ngaguruan
ka anjeunnya, arurang komo deui atuh da mahasiswa kĕnĕh tong sok pipilueun ka
nu kitu, jang naon da, pamarĕntah mah noal nguruskeun urang. Pan urang
disakolakeun nya, ĕra atuh lamun dĕmo dĕmo kitu, pan urang tĕh diajarkeun meren
kumaha carana naroskeun aspirasi, nah lamun aya kanaĕkan kieu tĕh kuduna mah
urang tĕh ngumpul,urang ruingkeun sarĕrĕa kumaha carana supaya harga bĕngsin
teu jadi naĕk..
Sulĕ
Heueuh nya, bener ogĕ sih..
Asĕp
Ĕra atuh lamun aya urang luar anu
nĕnjo, lamun mahasiswa urang tĕh bareuki dĕmo, meuni nalangsa pisan, tibang
kitu wungkul hahaha…
Sulĕ
Heuh sih, geus ah, urang rĕk balik
heula..
Asĕp
Teu jadi dĕmo na Sulĕ?
Sulĕ
Henteu ah…
Sulĕ ninggalkeun Asĕp dina balĕ ĕta
sorangan, bari leumpang, Sulĕ mikir bener ogĕ anu ditaroskeun ku si Asĕp tĕh.
Dĕmo tĕh laina ngaluruskeun masalah, kalahkah ngarieutkeun sareng ngarugikeun
rahayat sareng pamarĕntah.