Kamis, 12 April 2012

Naskah Drama Basa Sunda


Balĕ Politik
Wasta : Elfina Astin
SMAN 1 CISARUA














Naskah Drama Basa Sunda
JL. Adhijaksa, desa Leuwimalang RT 02/02 Kecamatan Cisarua Kabupaen Bogor 16750


Pangenalan Tokoh
1.      Asĕp                            : Asĕp tĕh nyaĕta lalaki anu ngabogaan watak bijaksana (protagonis), jeung boga perhatian leuwih ka nagara.
2.      Sulĕ                             : Ari Sulĕ mah lalaki anu ngabogaan watak teu boga pendirian, jeung sok mimilu batur kamana waĕ ngeunahna, sok tara percaya ka diri sorangan. (Tritagonis)
3.      Mang Marwan
4.      Pipit

Balĕ Politik
            Dina hiji poĕ aya si Asĕp keur calik dina balĕ dihandapan tangkal jambu disisi jalan, manĕhna tĕh keur calik bari ngalamun. Teu lila deui datang si Sulĕ anu datang bari lulumpatan jeung bari ngos-ngosan.
Asĕp
Horr.. kunaon atuh ari manĕh tĕh Sulĕ? Naha meni ngos-ngosan kitu siga diudag-udang ku anjing waĕ!
Sulĕ
Kuring tĕh rĕk kaditu tuh sĕp, ari anjeun rĕk muli moal.. tuh kaditu (bari nunjuk ka pengkolan)
Asĕp
Kaditu tĕh kamana? Da embung deui urang mah mun nganteur anjeun ka si Pipit deui, urang siga obat nyamuk nyaho teu didinya.. heuh.. embung deui urang mah.
Sulĕ
Ĕh sanes kadinya deui atuh Asĕp! Tuh geura tempo, anak buahna mang Marwan rĕk dĕmo ka pamarĕntah.
Asĕp
Hah? Anjeun teu salah deui? Arĕk ngadĕmokeun naon deui atuh maranĕh tĕh, tuman sigana unggal taun tĕh dĕmo deui dĕmo deui, geus bosen.. ayeuna manĕh deui pipilueun, heh Sulĕ manĕh tĕh anakna pa RT, manya teuing…. (can anggeus ngomong)
Sulĕ
Kajeun atuh Asĕp, ari anjeun rĕk ngiluan mah heug baĕ da, hayu atuh urang geura mangkat ngadĕmokeun ĕta tah kanaĕkan harga bĕngsin, beuuuhh.. ramĕ siah sĕp, barudak meuni pa hoak-hoak!!! Silih timpug kaditu-kadieu, timpugan panto hĕk DPR!!!
Asĕp
Hahahaha.. rĕk naon gunana atuh, nu kitu dipilueun manĕh tĕh, mending kĕnĕh ngiluan rapat dĕsa atuh, leuheung aya mangpaatna, da harga bengsin ogĕ ngan naĕk Rp 1500,- meni ngarambek kabina-bina atuh rahayat Indonĕsia tĕh, duh gusti.. hampurakeun..
Sulĕ
Hĕh manĕh ulah so’ kaya deuh Asĕp, urang gĕ nyaho da menĕh tĕh nyarios kitu sabab manĕh teu boga motor jadi manĕh biasa waĕ aya kanaĕkan harga bĕngsin.
Asĕp
Lainna kitu Sulĕ, kuring tĕh nyarios kitu lain kuring geus ngarasa bĕbas jeung kanĕkan harga bĕngsin! Sabab pamarĕntah tĕh naĕkan harga nanaonna da moal samena-mena, pasti geus dipertimbangkeun heula, moal mungkin da sadaĕkna.
Sulĕ
Heuh pan ari jang urang gede mah moal nanaon rĕk naĕk harga naon waĕ gĕ, da duitna gĕ menisaabreg-abreg komo deui mentri-mentri mah, duit rahayat dipakĕ gigiber, unggal poĕ gigiber make duit rahayat. Coba ari urang  rahayat biasa? Naĕk ngan Rp 1500,- gĕ kos nu pacekik beuheung, unggal poĕ kudu ngadahar sangu jeung uyah.
Asĕp
Heueuh sih..
Sulĕ
Teras teras?
Asĕp
Ayeuna mah kiyeu deuh, ari barudak silih haraok jeung silih timpug kaditu kadiyeu kana panto hĕk DPR, Ĕmang ĕta panto tĕh dijieun makĕ duit saha?
Sulĕ
Nyaa duit rahayat atuh Asĕp..
Asĕp
Tahh.. engkĕ mun ruksak, nu rugi kĕnĕh saha?
Sulĕ
Rahayat ogĕ sih..
Asĕp
Sulĕ.. urang mah laina sok ngaguruan ka anjeunnya, arurang komo deui atuh da mahasiswa kĕnĕh tong sok pipilueun ka nu kitu, jang naon da, pamarĕntah mah noal nguruskeun urang. Pan urang disakolakeun nya, ĕra atuh lamun dĕmo dĕmo kitu, pan urang tĕh diajarkeun meren kumaha carana naroskeun aspirasi, nah lamun aya kanaĕkan kieu tĕh kuduna mah urang tĕh ngumpul,urang ruingkeun sarĕrĕa kumaha carana supaya harga bĕngsin teu jadi naĕk..
Sulĕ
Heueuh nya, bener ogĕ sih..
Asĕp
Ĕra atuh lamun aya urang luar anu nĕnjo, lamun mahasiswa urang tĕh bareuki dĕmo, meuni nalangsa pisan, tibang kitu wungkul hahaha…
Sulĕ
Heuh sih, geus ah, urang rĕk balik heula..
Asĕp
Teu jadi dĕmo na Sulĕ?
Sulĕ
Henteu ah…

Sulĕ ninggalkeun Asĕp dina balĕ ĕta sorangan, bari leumpang, Sulĕ mikir bener ogĕ anu ditaroskeun ku si Asĕp tĕh. Dĕmo tĕh laina ngaluruskeun masalah, kalahkah ngarieutkeun sareng ngarugikeun rahayat sareng pamarĕntah.